Wednesday, 23 December 2015

Doel Sumbang - Bandung

Ari imut-imut Bandung
Kota diriung ku gunung
Dikantun montel katineung
Paanggang muntang kamelang

Ari layung-layung Bandung
Kahibaran seuneu gunung
Mangsa tandang makalangan
Nanjeurkeun kamerdekaan

Ari duyun-duyun Bandung
Dibelaan heurin ku tangtung
Bongan dilak-dilak bentang
marakbak lampu baranang

Ari pamor-pamor Bandung
Nembus wates gunung-gunung
Sumirat maratan jagat
Katelah kota sahabat

Bandung dilingkung gunung
Bandung sumirat maratan jagat


Tuesday, 22 December 2015

Kumpulan Lagu Darso

 


Darso - Amparan Sajadah.mp3
Darso - Cinta Goyang.mp3
Darso - Cucu Deui.mp3
Darso - Duriat.mp3
Darso - Euis.mp3
Darso - Jaman Edan.mp3
Darso - Jang Odang.mp3
Darso - Kasbon.mp3
Darso - Mawar Bodas.mp3
Darso - Mega Sutra Pantai Carita.MP3
Darso - Mojang Bandung.mp3
Darso - Sami Mawon.mp3
Darso - Taeun.mp3
Darso - Ulah Ceurik.mp3

Kumpulan Lagu Pop Sunda Doel Sumbang



Doel Sumbang - Anak Jeger.mp3
Doel Sumbang - Bandung.mp3
Doel Sumbang - Beja Ti Jurig.mp3
Doel Sumbang - Berenyit.mp3
Doel Sumbang - Bong Abong.mp3
Doel Sumbang - Bu kate.mp3
Doel Sumbang - Bulan Batu Hiu.mp3
Doel Sumbang - Col Blem.mp3
Doel Sumbang - Cucu Deui.mp3
Doel Sumbang - Cunihin.mp3
Doel Sumbang - Dang Dang Tut.mp3
Doel Sumbang - Dingding Kiripit.mp3
Doel Sumbang - Ditalipak.mp3
Doel Sumbang - Edun.mp3
Doel Sumbang - Ema.mp3
Doel Sumbang - Genah Merenah Tumaninah.MP3
Doel Sumbang - Geuleuh.MP3
Doel Sumbang - Gunung Bromo.mp3
Doel Sumbang - Haram Jadol.mp3
Doel Sumbang - Hese.mp3
Doel Sumbang - Hiji syawal.mp3
Doel Sumbang - Hoream.mp3
Doel Sumbang - Hudang Subuh.mp3
Doel Sumbang - Jampe harupat.mp3
Doel Sumbang - Jawara Banci.mp3
Doel Sumbang - Jol.mp3
Doel Sumbang - Jurig Buntut.mp3
Doel Sumbang - Kaduhung Panggih.MP3
Doel Sumbang - Kasurupan.MP3
Doel Sumbang - Kumalayang.mp3
Doel Sumbang - Kunaon.mp3
Doel Sumbang - Linu.mp3
Doel Sumbang - Mang Darman.mp3
Doel Sumbang - Meni Geuleuh.mp3
Doel Sumbang - Mojang.mp3
Doel Sumbang - Mumun.mp3
Doel Sumbang - Naha Salah.MP3
Doel Sumbang - Nami Abdi Jurig.mp3
Doel Sumbang - Nani.mp3
Doel Sumbang - Neng Enok.mp3
Doel Sumbang - Nini - Nini Luar Nagari.mp3
Doel Sumbang - Nyampak.mp3
Doel Sumbang - Nyi Ipah.mp3
Doel Sumbang - Nyi Mas Kunti.mp3
Doel Sumbang - Olo Olo.mp3
Doel Sumbang - Ongong.mp3
Doel Sumbang - Pabaliut.mp3
Doel Sumbang - Pangandaran.mp3
Doel Sumbang - Pepeling.mp3
Doel Sumbang - Pulisi Noban.mp3
Doel Sumbang - Ramadhan.mp3
Doel Sumbang - Ramadhan Cover.mp3
Doel Sumbang - Randa Bengsrat.mp3
Doel Sumbang - Ringsek.mp3
Doel Sumbang - Rohendi.mp3
Doel Sumbang - Runtah.mp3
Doel Sumbang - Sami Sami.mp3
Doel Sumbang - Setan Seuri Bungah.mp3
Doel Sumbang - Si Eteh.mp3
Doel Sumbang - Si Gelo.mp3
Doel Sumbang - Siduyeh.mp3
Doel Sumbang - Sisindiran .mp3
Doel Sumbang - Somse.mp3
Doel Sumbang - Sono Ka Kodim.MP3
Doel Sumbang - Sumedang.mp3
Doel Sumbang - Talaga Warna.mp3
Doel Sumbang - Tuturut Munding.mp3
Doel Sumbang - Urang Sunda.mp3

Lagu Doel Sumbang - Mumun

Loba nu nganjang ka Mumun
Loba nu resep ka Mumun
Loba nu bogoh ka Mumun
Loba nu gelo Ku Mumun
walah

Rumasa asep oge suka
ngadadak ngagaduh rasa cinta
Rumasa ngan asep rumasa
rek naon anu di sogrokeun

Kuruunyung oji jeung mersi
jol udin mawa BMW datang Dodo mawa Volvo
ana mawa toyota walah

Rumasa asepmah teu boga
rumasa asep sangsara ku dun ya
Rumasa modal ukur cinta
ditambah nawaetu rek satia

Muun milih mana
Mumumumumun milih saha
Kang asep tong cang caya
Mumun pasti milih didinya

Ngagebrai dunya jadi caang
Asa ku garenah pipikiran
Sare tibra dahar mirasa
Nyata cinta teu kabeh ningali dunyaa

Loba nu nganjang ka Mumun
Loba nu resep ka Mumun
Loba nu bogoh ka Mumun
Loba nu gelo Ku Mumun

Rumasa asep age suka
ngadadak ngagaduh rasa cinta
Rumasa ngan asep rumasa
rek naon anu di sogrokeun

Kuruunyung oji jeung mersi
Jol udin mawa BMw datang Dodo mawa Volvo
Ana mawa Toyota

Doel Sumbang - Somse

Somse, alah meni somse
Eneng meni somse
Sombong sekali

Bohan ngaheureuyan bae
Bongan naroelan bae
Bongan maroyokan bae
Pikasebeleun..

Is is ulah kitu is is
Ulah bendu is is
Ulah belikan
Is is ulah kitu is is
Ulah bendu is is
Ulah pundungan

Dimana-mana ge sami
Pameget mah cararuni
Mun pameget teu cunihin
Namina kuper

Pailas bararaid
Carunihin araroces
Sawios da sawios
Oces oge kararasep

Idih malu dong muka jelek ngaku ganteng
Itu tandanya lelaki percaya diri
Tapi mestinya mau ngomong ngaca dulu
Jangan begitu nanti bisa kena tinju

Doel Sumbang - Bulan Batu Hiu

Bulan nu ngagantung di langit Batu Hiu
tinggal sapasi sesa purnama kamari

Urang duaan anteng sosonoan
suka bungah sagala rasa dibedah

Bulan nu ngagantung
di langit Batu Hiu
tinggal sapasi
sesa purnama kamari

Ikrar janji
sahidup samati
moal hianat
insya Allah moal pegat

Dina ruang hate
nu aya ukur salira
dina ruang hate
pasti ngan ukur salira

Bulan di langit Batu Hiu
Sesa purnama kamari
bulan sapeupeuting nyaksi
nyepeng rusiah moal betus pasti

Doel Sumbang – Beja Ti Jurig

Budak lalaki kasep umur satepak
Ka dokter spesialis kulit jeung duraring
Araraneh aya naon ku araraneh

Budak awewe geulis umur satepak
Sore-sore ngantri di dokter kandungan
Araraneh aya naon ku araraneh

Ceuk beja ti jurig eta budak lalaki teh
Kasogot parabot bati ulin peuting
Ceuk beja ti jurig eta budak awewe teh
Bareuh padaharan bati ulin peuting

Nu matak barudak ulah osok ulin peuting
Sabab peuting loba jurig nyiliwuri
Bisi tibeleset tuluy dikekesed
Malahan bisa pareum digegel virus

Budak lalaki kasep umur satepak
Ka dokter spesialis kulit jeung duraring
Araraneh aya naon ku araraneh

Budak awewe geulis umur satepak
Sore-sore ngantri di dokter kandungan
Araraneh aya naon ku araraneh

Ceuk beja ti jurig eta budak lalaki teh
Kasogot parabot bati ulin peuting

Ceuk beja ti jurig eta budak awewe teh
Bareuh padaharan bongan ulin peuting

Nu matak barudak ulah osok ulin peuting
Sabab peuting loba ubrut nyiliwuri
Bisi tibeleset tuluy dikekesed
Malahan bisa paeh digegel virus

Doel Sumbang - Urang Sunda

Urang sunda ka marana
Urang sunda di marana
Urang sunda, urang mana
Urang sunda, Anjeun saha

Naha ngan saukur nu ngeusian Pulau Jawa
Naha ngan saukur lalajo bari tumenta
Gancang geura hudang buka ceuli buka mata
Geura tembongkeun urang sunda oge bisa

Tembongkeun urang ge bisa mela nagara
Tembongkeun urang ge bisa jadi pamimpin
Urang ge bisa nangtung ajeg jeung kawasa
Lain saukur bisa unggut jeung kumawula

Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan

Anu karesepna ngan ukur ngagere ceuli
Anu karesepna ngan ukur heuay nundutan
Anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun
Atawa calangap ngitungan bentang di langit

Mun urang kabeh reueus jadi urang sunda
Pikiran deui naon nu dipikareueus
Lamun urang sunda kabeh jadi si kabayan
Kuring melang hiji waktu urang kababayan
Urang bakal kababayan, ukur bisa kababayan, salawasna kababayan

Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan