Bulan nu ngagantung di langit Batu Hiu
tinggal sapasi sesa purnama kamari
Urang duaan anteng sosonoan
suka bungah sagala rasa dibedah
Bulan nu ngagantung
di langit Batu Hiu
tinggal sapasi
sesa purnama kamari
Ikrar janji
sahidup samati
moal hianat
insya Allah moal pegat
Dina ruang hate
nu aya ukur salira
dina ruang hate
pasti ngan ukur salira
Bulan di langit Batu Hiu
Sesa purnama kamari
bulan sapeupeuting nyaksi
nyepeng rusiah moal betus pasti
No comments:
Post a Comment