Wednesday, 23 December 2015

Doel Sumbang - Bandung

Ari imut-imut Bandung
Kota diriung ku gunung
Dikantun montel katineung
Paanggang muntang kamelang

Ari layung-layung Bandung
Kahibaran seuneu gunung
Mangsa tandang makalangan
Nanjeurkeun kamerdekaan

Ari duyun-duyun Bandung
Dibelaan heurin ku tangtung
Bongan dilak-dilak bentang
marakbak lampu baranang

Ari pamor-pamor Bandung
Nembus wates gunung-gunung
Sumirat maratan jagat
Katelah kota sahabat

Bandung dilingkung gunung
Bandung sumirat maratan jagat


No comments:

Post a Comment